Posts

Showing posts with the label 1 Ramadhan

Mapag Bulan Suci Ramadhan

Image
BismillahirRahmanirRahim Marhaban Ya Ramadhan! Piwejang Rosulullah dina mapag sasih Romadhon Ku: Wangsa Susena, S.Pd.I. Bulan Romadhon téh bulan nu agung, suci tur mulya, Agungna di agungkeun ku Alloh, sucina disucikeun ku Alloh, mulyana ogé dimulyakeun ku Alloh. Aya katerangan nu sumpingna ti Ibnu Huzaimah r.a. anjeunna sasauran, yén Rasululloh s.a.w. maparin piwejang/naséhat nalika mapag bulan Ramadhan, Rasululloh s.a.w. ngadawuh : Yeuh Manusa! Éstu geus datang ka aranjeun bulan Allah, kalayan mawa barokah, rohmat ogé maghfiroh. Bulan nu kacida mulyana mungguhing Alloh. Poé-poéna kaasup nu kacida utamana batan poé-poé séjénna. Kitu kénéh peuting-peutingna kaasup peuting-peuting nu kacida istiméwa. Jam-jamna kaasup istiméwa ogé utama. Aos Seratan Sagemblengna » Bulan ieu, bulan dimana aranjeun diogan ku Allah tur dimulyakeu...