Miéling Milangkala Kota Bandung
BismillahirRahmanirRahim Wilujeung Miéling Milangkala Kota Bandung Ka-204 Gemah Ripah Wibawa Mukti, ("Tanah Subur Rahayat Makmur") (Gambar meunang nginjeum ti @DiskominfoBdg ) Mapag Milangkala Kota Bandung ka-204 Teu karasa geus bulan September deui. Bulan ayeuna téh mangrupakeun bulan anu miboga niléy sajarah pikeun urang Bandung mah. Bener pisan, dina bulan September ieu aya tanggal anu osok dipaké miéling ngadégna kota Bandung (Hari Jadi Kota Bandung [HJKB]). Tegesna dina ping 25 September. Taun 2014 ayeuna, kota Bandung baris miéling milangkala anu ka-204. Atuh, Bandung téh geus miboga umur 204 taun (1810 – 2014). [Meunang nyadur ti Kampung Ciburuan [KC]) ] Nurutkeun inpo ti Portal Resmi Kota Bandung ( bandung.go.id ) dina mapag milangkala Bandung anu ka-204 ieu, geus disadiakeun lambang...