Wednesday, May 11, 2011

Papatah Sunda Kolot Baheula

ku: Raden Wiraatmadja Suriaatmadja pada 02 November 2010 jam 15:31
  • Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula kaalaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat)
  • Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul.
  • Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun
  • Mipit amit, ngala menta, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nete taraje, nincak hamalan, ipis lapis, kandel tapel. (malapah gedang)
  • Sing waspada jeung permana tinggal. (Waspada)
  • Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah.
  • Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa
  • Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumibar.
  • Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur.
  • Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling
  • Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa.
  • Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok.
  • Nu geulis jadi werejit, nu lanjang jadi baruang.
  • Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati.
  • Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. Hartina sing apal kana diri, asal timana?, cicing dimana? Balik kamana?
  • Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng-eneng, bakal ngagebleg deui jeung mantena.
  • Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.
  • Positip x posotip= positip. Negative x negative= positip. Positip x negative=negative. Nu bener dibenerkeun eta bener, nu salah disalahkeun eta bener. Nu bener disalahkeun eta salah, nu salah dibenerkeun eta salah.
  • Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng.
  • Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi
  • Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan
  • Neangan luang tipapada urang
  • Ulah nyaliksik ku buuk leutik
  • Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina
  • Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian
  • Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
  • Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
  • Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina
  • Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran.
  • Miindung ka waktu, mibapa ka zaman
Nyutat ti blog-na endangmoek - naskah sunda
___________________________________________________________

0 comments:

Post a Comment

Please Notices! Write NAME (nick name) to make it easier to respond to comments that you write. Comments are rude, racist, and humiliation may not be passed and it will be deleted without warning ...